WordPress 3.0 Thelonious

Najan leuir naker, WordPress versi 3.0 basa Sunda bisa dirilis (core-na dirilis Juni 2010). Kiwari, anjeun bisa otomatis ngaronjatkeun kana ieu versi ngaliwatan pidangan Pakakas => Ronjatkeun, atawa klik link tuduh jalan dina papan uar kasadiaan anu aya di luhur layar. Anjeun oge bisa ngunduh gembolanana pikeun dipasang manual, utamana pikeun anu masang mimiti atawa anu ngaronjatkeun tina versi samemeh 2.7.

Fitur utama anu aya dina ieu versi di antarana:

  • Tema baku anyar, Twenty Ten, anu nyartakeun rarangken-rarangken latar kustom, header kustom, panumbu kustom, pidangan kustom, jsb.
  • Merge MU reujeung WordPress, utamana ditujukeun pikeun para pamekar sarta admin raramat, anu ngamungkinkeun ngadegkeun sababaraha blog atawa situs dina hiji instalasi WordPress.
  • Interpes anu leuwih hampang.
  • Pitulung kontekstual, bisa dibuka ngaliwatan tab Pitulung anu aya di luhur unggal layar admin, mieusi dadaran singget, pituduh, link-link dokumentasi, luyu jeung layar anu disinghareupan, geusan ngabantu dina pamakean WordPress.
  • 1.217 bug dibenerkeun sarta fitur-fiturna ditingkatkeun.
  • Kamampuh ronjatan masal, anu ngamungkinkeun ngiwarikeun sababara plugin sakali klik.

Lengkepna, bisa diilo di kaca kodek.

https://videopress.com/v/wp-content/plugins/video/flvplayer.swf?ver=1.21

WordPress, Pinunjul Kahiji Overall Best Open Source CMS

Kacida matak reueusna, taun 2009 ieu WordPress meunang pangajén kahiji dina widang Overall Best Open Source CMS ti Open Source CMS Award. Lain panghargaan samanéa! Open Source CMS Award anu maneuh diayakeun unggal taun, kiwari narima leuwih ti 12.000 nominasi tur diiluan ku leuwih ti 23.000 pangajén (pamilon sora). Continue reading “WordPress, Pinunjul Kahiji Overall Best Open Source CMS”

WordPress 2.8.5, Nyampurnakeun Kaamanan

Pada maphum, bulan-bulan katompérnakeun ieu, kuring saparakanca keur soson-soson migawé rarangkén-rarangkén anyar pikeun vérsi 2.9, sarta satékah polah keur nyieun tarékah sangkan WordPress salawasna mibanda kaamanan anu leuwih tohaga. Dina ieu proses, aya sawatara parobahan kaamanan penting anu geus kapigawé tur nurutkeun kuring saréréa kacida hadéna saupama dicumponkeun kana dahan vérsi 2.8.

Kiwarian penting dina ieu vérsi nyaéta:

  • Ngabebenah serangan Trackback Denial-of-Service anu dina waktu-waktu ieu mindeng katohyan.
  • Miceun aréa dina kodé, kodé php dina variabel dibebenah deui.
  • Mutihkeun kamampuh pangunggah berkas pikeun sakabéh pamaké, kaasup pikeun Admin.
  • Ngécagkeun atawa mangsiunkeun dua pangimpor data Tag tina plugin heubeul.

Kuring saparakanca nyarankeun sangkan sakur situs dikiwarikeun kana ieu vérsi geusan mastikeun jaminan kaamanan anu leuwih hadé.

Bisi aya kahariwang situs anjeun geus katépaan ku serangan-serangan anu kiwari keur maceuh-maceuhna nyaliara, tur anjeun aya maksud geusan meresihan tapak-tapakna, kuring nyarankeun sangkan anjeun ngagunakeun Panyungsi Eksploitasi WordPress. Ieu plugin baris ngaroris tur maluruh sakur perkara anu nyurigakeun dina berkas-berkas situs jeung tabel-tabel tulisan sarta pairan databés anjeun. Ieu plugin ogé mariksa ngaran-ngaran berkas plugin boh bisi aya anu teu ilahar, sabangsaning cakcak bodas jeung taleus ateul.

Mamanawian aya maksad ngilo plugin anu kasebat, sumangga tuturkeun ieu panuduh jalan, jung!

WordPress 2.8.2

WordPress 2.8.2 ngalereskeun vulnerabilitas XSS (babari kakeunaan panyakit -naon ongkoh basa Sundana?). URL juru kintun pairan henteu leres-leres walagri nalika dipintonkeun dina kaca admin. Ieu hal tiasa nerekab, éh, maksad téh népaan, geusan nungtun Sadérék ngajak kaluar tina kaca admin kana situs sanés. Sumangga unjal vérsi 2.8.2 atanapi ronjatkeun otomatis ngalangkungan pidangan Pakakas dina kaca admin WordPress Sadérék!

WordPress 2.8.1

WordPress 2.8.1 ngabebenah loba hama sarta mageuhan tulak kaamanan pikeun kaca admin plugin. Talatah ti Core Serurity Technologies yén kaca admin anu ditambahkeun ku sawatara plugin téh bisa ditoong ku pamaké deungeun anu ngalantarankeun informasina bisa dirogahala. Mémang henteu sakumna plugin kakeunaan ku ieu panyakit. Pon kitu, pikeun kapentingan kaamanan, kuring saparakanca nyarankeun sangkan anjeun ngaronjatkeun kana 2.8.1.

Sakumna parobahan atawa ronjatan dina ieu vérsi bisa diilo di track WordPress.org.

WordPress 2.8

“WordPress 2.8 parantos sayogi! Sumangga kiwarikeun ayeuna.” Upami Sadérék nangenan éta pesen singget di luhur kaca admin WordPress Sadérék, sok padahal Sadérék parantos ngaronjatkeun kalayan otomatis tina vérsi sateuacanna, hartosna Sadérék ngaronjatkeunnana sasarengan reujeung waktosna rilisan awal ieu vérsi. Éta pesen baris ilang saupami Sadérék ngaronjatkeun ulang sacara otomatis nganggo beundeulan rilisan anu ayeuna. Ieu vérsi lokal mémang ngahaja dibeundeul deui lantaran aya sakedik kahéngkéran dina sistem raramat lokal. Continue reading “WordPress 2.8”

Pamaluruhan Diréktori Plugin nu Mingkin Hadé

Mdawafe, tanggal 19 Pebruari ieu, geus nguarkeun di blog WordPress.org ngeunaan pamaluruhan Diréktori Plugin nu anyar jeung ngaronjat. Salahsahiji pasualan tumali jeung pamaluruhan diréktori plugin nyaéta ngeunaan hasil pamaluruhanna nu kurang nyugemakeun atawa, ceuk basa nu nulis blog mah, pikagetireun jeung pikasebeleun. Tapi, kiwari mah ieu hal téh henteu tumiba deui. Continue reading “Pamaluruhan Diréktori Plugin nu Mingkin Hadé”

WordPress 2.7.1

WordPress 2.7.1, minangka rilisan pamulasaraan munggaran WordPress versi 2.7, parantos sayogi. Anjeun tiasa ngiwarikeun instalan WordPress anjeun sacara otomatis ngalangkungan pidangan Pakakas > Ronjatkeun dina kaca admin, atanapi unjal langsung epakanana lajeng instalkeun sacara manual.

Kanggo ningal naon waé anu parantos dilereskeun dina ieu vérsi, tiasa diparios dina daptaran list of fixed tickets, seueurna aya 68 tiket, atanapi tingal daptaran parobihan kumplitna ti WordPress 2.7 ka 2.7.1. Naha basa Sunda janten lemes?

Ngararancang WordPress Maké Aksara Sunda

Bulan Juni 2005, Informasi ngeunaan aksara Sunda baku diuarkeun di milis KUSnét (Komunitas Urang Sunda di Internét). Kang Dian Tresna Nugraha ngawanohkeun fonta aksara Sunda maké sét karakter ISO-8859-1 Latin-1. Bulan Juli 2005, fonta aksara Sunda dipidangkeun dina Konférénsi Basa Sunda VIII di Subang, Jawa Barat, ku M. Sasmita. Bulan Januari 2006, Kang Dian ngayakeun koréspondénsi jeung M. Everson, salah saurang anggota Konsorsium Unicode. Bulan Juni 2006, M. Everson ngasupkeun proposal slot aksara Sunda ka Unicode. Bulan Agustus 2007, aksara Sunda napak dina tahap VI standardisasi Unicode sarta asup naskah publikasi ISO/UTC dina taun 2008. Bulan April 2008, aksara Sunda resmi asup Unicode anu range-na nyaéta U+1B80 – U+1BBF. Continue reading “Ngararancang WordPress Maké Aksara Sunda”