WordPress 2.8.6

Vérsi 2.8.6 ménerkeun dua pasualan kaamanan anu bisa diéksploitasi ku pamaké kadaftar anu keur asup log tur inyana mibanda wewenang pikeun ngirim tulisan. Lamun anjeun ngarasa cangcaya kana kajujuran panulis-panulis blog anjeun, ngaronjatkeun kana vérsi 2.8.6 kacida diperedihna.

Demi pasualan anu dimaksud, kahiji nyaéta ngeunaan vulnerabilitas XSS dina pakakas Sintreuk Ieu anu kapendak ku Benjamin Flesch. Kaduana, pasualan anu katimu ku Dawid Golunski, nyaéta ngeunaan sanitasi ngaran berkas unggahan anu bisa diéksploitasi dina konfigurasi Apache anu tangtu.

Sumangga Unduh WordPress 2.8.6.

Kantunkeun Balesan