WordPress
Vérsi 3.1

Platforma Pamedal Semantis Pribadi

Wangenan

Wilujeng sumping. WordPress téh mangrupi proyék nu kalintang husus kanggo simkuring mah. Unggal pamekar sareng pangdeudeul nambihan hal-hal unik kana racikanana. Kalayan réréongan simkuring sadaya ngawangun hal-hal éndah tangka simkuring ngaraos reueus janten bagian ti antawisna. Rewuan jam parantos dipatotoskeun kanggo WordPress, kalayan simkuring sadaya nyimpen perhatosan ageung geusan ngajantenkeunana langkung saé ti dinten ka dinten. Pangnuhun parantos ngajantenkeun WordPress bagian tina rénghap anjeun.

— Matt Mullenweg

Instalasi: Nginstol salami 5 menit

  1. Borolokeun gémbolan berkas dina diréktori kosong lajeng unggahkeun sakur eusina ka host wéb.
  2. Buka wp-admin/install.php dina panyaba internét. Ieu baris ngajajapkeun anjeun kana prosés masangkeun berkas wp-config.php kalayan rincian sambungan databés anjeun.
    1. Upami lantaran sawatara hal ieu prosés henteu lancar, ulah salempang. Ieu henteu tumiba dina sakur host wéb. Buka baé wp-config-sample.php nganggo pangropéa téks sapertos WordPad atanapi sabangsana lajeng eusian ku rincian sambungan databés anjeun.
    2. Simpen éta berkas janten wp-config.php lajeng unggahkeun.
    3. Buka wp-admin/install.php dina panyaba internét anjeun.
  3. Upami berkas konfigurasina parantos dipasang, panginstol baris nyiptakeun tabél anu diperyogikeun kanggo blog anjeun. Upami aya galat, parios heula berkas wp-config.php-na, lajeng cobian deui. Upami gagal kénéh, sumangga tepangan Nagariung Ajar Bantu anu euyeub ku rupi-rupi data anu ku anjeun tiasa dipipit.
  4. Upami anjeun henteu ngalebetan tulaksandi (password), catet password anu dipasihkeun ka anjeun. Upami anjeun henteu ngalebetan username, username-na nyaéta admin.
  5. Salajengna panginstol baris ngajugjugkeun anjeun ka kaca login. Lebet nganggo username sareng tulaksandi anu ku anjeun dipilih nalika prosés instalasi. Upami password-na mangrupi password anu digenerasi otomatis, anjeun tiasa klik 'Profil' kanggo ngarobihna.

Ngaronjatkeun

Ngaronjatkeun Otomatis

Upami anjeun ngaronjatkeun tina vérsi 2.7 sareng saluhureuna, anjeun tiasa nganggo pangronjat otomatis:

  1. Buka wp-admin/update-core.php dina panyaba internét anjeun lajeng tuturkeun instruksina.
  2. Peryogi tambihan, manawi? Mung sakitu-kituna!

Ngaronjatkeun Manual

  1. Sateuacan ngaronjatkeun sagala hal, pastikeun heula wiréh anjeun kagungan salinan berkas-berkas anu mungkin parantos diropéa, sapertos index.php.
  2. Pupus berkas-berkas WordPress anu tipayun, simpen anu parantos diropéa.
  3. Unggahkeun berkas-berkas anu énggal.
  4. Tuduhkeun panyaba internét anjeun ka /wp-admin/upgrade.php.

Parobihan Témplat Téma

Upami anjeun kagungan kustomisasi témplat téma, anjeun kedah ngarobih hal-hal anu utami.

Sumberdaya Loka

Upami anjeun kagungan patalékan anu henteu tiasa kawaler ku ieu dokumén, sumangga mangpaatkeun sumberdaya loka WordPress anu ceuyah:

Kodéks WordPress
Ieu kodéks mangrupi énsiklopédi ngeunaan sagala hal tumali sareng WordPress. Ieu téh mangrupi sumber informasi WordPress pangkumplitna anu nyampak.
Blog Pamekaran
Ieu mangrupi tempat kanggo anjeun nimu parobihan kalih warta énggal ngeunaan WordPress. Markabukukeun sarta longokan sing mindeng. Blog pamekaran basa Sunda nyaéta: su.WordPress.org.
Planét WordPress
Ieu Planét mangrupi hiji agrégator warta anu ngahimpun seratan-seratan ti blog-blog WordPress di sakuliah wéb.
Nagariung Ajar Bantu
Upami anjeun parantos kokotéténgan ka unggal madhab sarta masih kénéh teu acan mendakan waleran, nagariung ajar bantu mah kacida aktifna tur kagungan komunitas ageung anu sayogi ngabantos. Sangkan aranjeuna gampil dina ngabantos, kahadé dina ngadugikeun patarosan, anggo judul trid anu pertéla sarta béréndélan pasualan anu jéntré. Nagariung ajar bantu basa Indonésia nyaéta: id.forums.WordPress.org.
Saluran IRC WordPress
Pamungkas, aya saluran wangkongan loka anu mangrupi tempat ngadu bako jalmi-jalmi anu nganggo WordPress tur aya kalana nyawalakeun hiji pasualan. Kaca wiki di luhur baris nungtun anjeun muru tujuan anu moal méncog. (irc.freenode.net #wordpress)

Tatasarat Sistem

Saran Sistem

Migrasi tina Sistem Lian

WordPress tiasa ngimpor tina sawatara sistem. Anjeun kedah parantos kagungan heula instalasi WordPress anu hirup, sakumaha anu dijéntrékeun di luhur, sateuacan tiasa nganggo pakakas pangimpor-na.

Interpés XML-RPC sareng Atom

Anjeun tiasa ngintun seratan ka blog WordPress anjeun nganggo pakakas sapertos Windows Live Writer, Ecto, w.bloggar, Radio Userland (anu hartosna anjeun tiasa nganggo fitur Radio's email-to-blog), NewzCrawler, kalih pakakas-pakakas sanésna anu ngadukung API blogging! :) Anjeun tiasa ngilo dukungan XML-RPC di Kodék.

Ngintun seratan ngalangkungan Sérélék

Anjeun tiasa ngintun seratan ngalangkungan klién imél! Kanggo masangna, sumpingan layar opsi "Nyerat" sarta eusian rincian konéksi akun rusiah POP3-na. Salajengna anjeun kedah masang wp-mail.php sangkan ngaéksekusi pamariosan kotak serat sacara périodik. Anjeun tiasa midamelna ngalangkungan cron-jobs, atanapi upami host anjeun henteu ngadukung, anjeun tiasa nganggo sawatara ladénan website-monitoring sina marios URL wp.mail.php anjeun.

Carana ngintun seratan téh gampil: Sakur serat anu dikintun kana alamat imél anu ditangtoskeun baris dipedalkeun, kalayan subyék anu baris janten judulna. Saé pisan upami alamat imél nu kasebat didiskrét. Skrip baris mupus serat anu hasil dipedalkeun.

Kalungguhan Pamaké

Simkuring parantos ngawanohkeun sistem kalungguhan anu fléksibel pisan dina vérsi 2.0. Anjeun tiasa maos jéntré ngeunaan Kalungguhan sareng Kawenangan dina Kodéks.

Catetan pamungkas

Sebarkeun Rasa Cinta

WordPress henteu kantos kampanye pamasaran kalayan nyéépkeun mangyuta-yuta dolar, ogé henteu disponsoran ku para sélébritas, tapi simkuring kagungan anu langkung saé tinimbang éta—anjeun téa. Upami anjeun mikaresep WordPress, sumangga wartosan réréncangan, bantosan pangmasangkeun ka réréncangan anu teu acan mahér, atanapi wartosan juru rumpaka média anu teu acan eungeuh kana ayana simkuring.

WordPress téh mangrupi tumbu resmi tina b2/cafélog, rékaan Michel V. Padamelan inyana dilajengkeun ku para pamekar WordPress. Upami anjeun seja ngadukung WordPress, sumangga timbang-timbang kanggo ngiring donasi.

Hak Cipta

WordPress dirilis ku payung GPLv2 (tingal license.txt).