WordPress
Vérsi 2.8.5

Platforma Pamedal Semantis Pribadi

Wangenan

Wilujeng sumping. WordPress téh mangrupi proyék nu kalintang husus kanggo simkuring mah. Unggal pamekar sareng pangdeudeul nambihan hal-hal unik kana racikanana. Kalayan réréongan simkuring sadaya ngawangun hal-hal éndah tangka simkuring ngaraos reueus janten bagian ti antawisna. Rewuan jam parantos dipatotoskeun kanggo WordPress, sareng simkuring sadaya nyimpen perhatosan ageung geusan ngajantenkeunana langkung saé ti dinten ka dinten. Pangnuhun parantos ngajantenkeun WordPress bagian tina rénghap anjeun.

— Matt Mullenweg

Instalasi: Nginstal salila 5 menit

  1. Bahékeun berkas gémbolan kana diréktori kosong.
  2. Buka wp-config-sample.php ngagunakeun pangropéa téksu saperti WordPad atawa sabangsana sarta eusian ku informasi sambungan databés anjeun.
  3. Teundeun berkas jadi wp-config.php
  4. Unggahkeun sagalana.
  5. Buka /wp-admin/install.php dina panyaba internét anjeun. Hal ieu baris nata tabél anu diperlukeun pikeun blog anjeun. Mun aya kakaliruan, pariksa deui berkas wp-config.php anjeun, laju coba deui. Mun gagal kénéh, mangga anjogan panglawungan rojongan anu ceuyah ku rupa-rupa data saloba nu ku anjeun bisa diungkaban.
  6. Catetkeun sandikecap anu dibikeun ka anjeun.
  7. Skrip instalan baris ngajugjugkeun anjeun ka kaca asup log. Asup log ngagunakeun sandiasma admin sarta sandikecap nu digenerasi waktu nginstal. Satuluyna anjeun bisa muru 'Profil' pikeun ngarobah sandikecap.

Ngaronjatkeun

Saméméh anjeun ngaronjatkeun sagala hal, pastikeun heula anjeun mibanda salinan berkas-berkas anu mungkin baé ku anjeun geus diropéa, saperti index.php.

Ngaronjatkeun tina vérsi WordPress saméméh 2.8.5:

  1. Pupus berkas-berkas WP anu heubeul, teundeun anu geus diropéa.
  2. Unggahkeun berkas-berkas anu anyar.
  3. Tuduhkeun panyaba internét anjeun ka /wp-admin/upgrade.php.
  4. Anjeun miharep leuwih ti éta, sugan? Ukur sakitu-kituna!

Parobahan Témplat

Mun anjeun geus ngaropéa témplat anjeun, mungkin anjeun kudu nyieun sawatara parobahan kana éta hal. Mun anjeun mindahwangunkeun témplat vérsi 1.2 atawa anu leuwih anyar, kuring nyiptakeun pituduh husus pikeun anjeun.

Sumberdaya Loka

Mun anjeun mibanda patalékan anu henteu bisa kajawab ku ieu dokumén, mangga mangpaatkeun sumberdaya loka WordPress nu ceuyah:

Kodék WordPress
Ieu kodék mangrupa énsiklopédi ngeunaan sagala hal tumali jeung WordPress. Ieu téh mangrupa sumber informasi WordPress pangkumplitna nu nyampak.
Blog Pamekaran
Ieu mangrupa tempat pikeun anjeun nimu parobahan sarta warta panganyarna ngeunaan WordPress. Markabukukeun sarta longokan sing mindeng.
Planét WordPress
Ieu Planét mangrupa hiji agrégator warta anu ngahimpun tulisan ti blog-blog WordPress di sakuliah wéb.
Panglawungan Rojongan WordPress
Mun anjeun geus kokotéténgan ka unggal madhab sarta masih kénéh can nimu jawaban, panglawungan rojongan mah kacida aktipna sarta mibanda komunitas gedé anu sayaga ngabantu. Sangkan maranéhna gampang dina ngabantu anjeun, pastikeun anjeun ngagunakeun judul trid anu pertéla sarta béréndélan pasualan nu jéntré.
Saluran IRC WordPress
Pamungkas, aya saluran wangkongan loka anu digunakeun pikeun tempat ngadu bakona jalma-jalma nu ngagunakeun WordPress sarta aya kalana nyawalakeun hiji pasualan. Kaca wiki di luhur baris nungtun anjeun muru tujuan nu moal méncog. (irc.freenode.net #wordpress)

Saran Sistem

WordPress téh mangrupa tuluyan resmi tina b2/cafélog, anu diciptakeun ku Michel V. Ieu karya dituluykeun ku pamekar WordPress. Mun anjeun mibanda karep ngarojong WordPress, mangga timbang-timbang donasi.

Ngaronjatkeun tina Sistem Lian

WordPress bisa ngimpor tina sawatara sistem. Kahijina anjeun kudu mibanda WordPress geus diinstal sakumaha nu ditétélakeun di luhur.

Nampeubeungeut XML-RPC jeung Atom

Kiwari anjeun bisa ngirim tulisan ka blog WordPress anjeun ngagunakeun pakakas saperti Windows Live Writer, Ecto, Bloggar, Radio Userland (nu hartina anjeun bisa ngagunakeun pitur surat-é-ka-blog-na Radio), NewzCrawler, jeung pakakas liana anu ngadukung API Blogging! :) Anjeun bisa maca nu leuwih jéntré ngeunaan Dukungan XML-RPC dina Kodék.

Ngirim Tulisan Ngaliwatan Sérélék

Anjeun bisa ngirim tulisan ngaliwatan klién sérélék (surat éléktronik)! Pikeun nyetélkeunana, anjogan layar opsi "Nulis" sarta eusian rincian konéksi akun rusiah POP3 anjeun. Satuluyna anjeun perlu ngaropéa wp-mail.php sangkan ngaéksekusi sacara périodik geusan mariksa tulisan anyar dina kotak surat. Anjeun bisa ngalakukeunana ngagunakeun Cron-jobs, atawa mun hosta anjeun henteu ngadukung, anjeun bisa ngungkaban sawatara ladénan panalungtik-situs-wéb, sarta ngajak maranéhna pangmariksakeun URL wp-mail.php anjeun.

Cara ngirim tulisana gampang: Sakur sérélék anu dikirim kana alamat anu ku anjeun ditangtuken baris dipedalkeun, kalawan subyék anu baris jadi judulna. Hadé pisan lamun éta alamat dirusiahkeun. Skrip baris mupus sérélék anu hasil dipedalkeun.

Kalungguhan Pamaké

Kuring geus ngaleungitkeun tingkat pamaké pikeun méré jalan kana sistem kalungguhan anu leuwih pléksibel anu diwanohkeun dina vérsi 2.0. Anjeun bisa maca leuwih jéntré ngeunaan Kalungguhan sarta Kamampuh dina Kodék.

Catetan pamungkas

Sebarkeun Rasa Cinta

WordPress téh henteu kungsi kompanye pamasaran kalawan méakeun mangyuta-yuta dolar, ogé henteu mibanda dukungan ti para sélébritas, tapi kuring mibanda anu leuwih alus tinimbang éta—anjeun téa. Mun anjeun mikaresep WordPress, mangga timbang-timbang keur ngabéjaan babaturan, mangnyetélkeun keur anu kurang kaweruh tinimbang anjeun, atawa nyuratan panulis artikel média anu can eungeuh kana ayana kuring.

Hak Cipta

WordPress dipedalkeun ku payung GPL (ilik license.txt).