Title: Blog – WordPress.org Sunda

---

 * 
   ## 󠀁[WordPress 3.0 Thelonious](https://su.wordpress.org/2010/07/28/wordpress-3-0-thelonious/)󠁿
   
 * Juli 28, 2010
 * Najan leuir naker, WordPress versi 3.0 basa Sunda bisa dirilis (core-na dirilis
   Juni 2010). Kiwari, anjeun bisa otomatis ngaronjatkeun kana ieu versi ngaliwatan
   pidangan Pakakas => Ronjatkeun, atawa klik link tuduh jalan dina papan uar kasadiaan
   anu aya di luhur layar. Anjeun oge bisa ngunduh gembolanana pikeun dipasang manual,
   utamana pikeun anu masang mimiti atawa…
 * [Read Post](https://su.wordpress.org/2010/07/28/wordpress-3-0-thelonious/)
 * 
   ## 󠀁[WordPress, Pinunjul Kahiji Overall Best Open Source CMS](https://su.wordpress.org/2009/11/20/wordpress-pinunjul-kahiji-overall-best-open-source-cms/)󠁿
   
 * Nopémber 20, 2009
 * Kacida matak reueusna, taun 2009 ieu WordPress meunang pangajén kahiji dina widang
   Overall Best Open Source CMS ti Open Source CMS Award. Lain panghargaan samanéa!
   Open Source CMS Award anu maneuh diayakeun unggal taun, kiwari narima leuwih 
   ti 12.000 nominasi tur diiluan ku leuwih ti 23.000 pangajén (pamilon sora).
 * [Read Post](https://su.wordpress.org/2009/11/20/wordpress-pinunjul-kahiji-overall-best-open-source-cms/)
 * 
   ## 󠀁[WordPress 2.8.6](https://su.wordpress.org/2009/11/17/wordpress-2-8-6/)󠁿
   
 * Nopémber 17, 2009
 * Vérsi 2.8.6 ménerkeun dua pasualan kaamanan anu bisa diéksploitasi ku pamaké 
   kadaftar anu keur asup log tur inyana mibanda wewenang pikeun ngirim tulisan.
   Lamun anjeun ngarasa cangcaya kana kajujuran panulis-panulis blog anjeun, ngaronjatkeun
   kana vérsi 2.8.6 kacida diperedihna.
 * [Read Post](https://su.wordpress.org/2009/11/17/wordpress-2-8-6/)
 * 
   ## 󠀁[WordPress 2.8.5, Nyampurnakeun Kaamanan](https://su.wordpress.org/2009/10/21/wordpress-2-8-5-nyampurnakeun-kaamanan/)󠁿
   
 * Oktober 21, 2009
 * Pada maphum, bulan-bulan katompérnakeun ieu, kuring saparakanca keur soson-soson
   migawé rarangkén-rarangkén anyar pikeun vérsi 2.9, sarta satékah polah keur nyieun
   tarékah sangkan WordPress salawasna mibanda kaamanan anu leuwih tohaga. Dina 
   ieu proses, aya sawatara parobahan kaamanan penting anu geus kapigawé tur nurutkeun
   kuring saréréa kacida hadéna saupama dicumponkeun kana dahan vérsi 2.8. Kiwarian
   penting dina…
 * [Read Post](https://su.wordpress.org/2009/10/21/wordpress-2-8-5-nyampurnakeun-kaamanan/)
 * 
   ## 󠀁[WordPress 2.8.2](https://su.wordpress.org/2009/07/22/wordpress-282/)󠁿
   
 * Juli 22, 2009
 * WordPress 2.8.2 ngalereskeun vulnerabilitas XSS (babari kakeunaan panyakit -naon
   ongkoh basa Sundana?). URL juru kintun pairan henteu leres-leres walagri nalika
   dipintonkeun dina kaca admin. Ieu hal tiasa nerekab, éh, maksad téh népaan, geusan
   nungtun Sadérék ngajak kaluar tina kaca admin kana situs sanés. Sumangga unjal
   vérsi 2.8.2 atanapi ronjatkeun otomatis ngalangkungan pidangan Pakakas dina kaca…
 * [Read Post](https://su.wordpress.org/2009/07/22/wordpress-282/)
 * 
   ## 󠀁[WordPress 2.8.1](https://su.wordpress.org/2009/07/12/wordpress-281/)󠁿
   
 * Juli 12, 2009
 * WordPress 2.8.1 ngabebenah loba hama sarta mageuhan tulak kaamanan pikeun kaca
   admin plugin. Talatah ti Core Serurity Technologies yén kaca admin anu ditambahkeun
   ku sawatara plugin téh bisa ditoong ku pamaké deungeun anu ngalantarankeun informasina
   bisa dirogahala. Mémang henteu sakumna plugin kakeunaan ku ieu panyakit. Pon 
   kitu, pikeun kapentingan kaamanan, kuring saparakanca nyarankeun sangkan anjeun…
 * [Read Post](https://su.wordpress.org/2009/07/12/wordpress-281/)
 * 
   ## 󠀁[WordPress 2.8](https://su.wordpress.org/2009/06/12/wordpress-28/)󠁿
   
 * Juni 12, 2009
 * “WordPress 2.8 parantos sayogi! Sumangga kiwarikeun ayeuna.” Upami Sadérék nangenan
   éta pesen singget di luhur kaca admin WordPress Sadérék, sok padahal Sadérék 
   parantos ngaronjatkeun kalayan otomatis tina vérsi sateuacanna, hartosna Sadérék
   ngaronjatkeunnana sasarengan reujeung waktosna rilisan awal ieu vérsi. Éta pesen
   baris ilang saupami Sadérék ngaronjatkeun ulang sacara otomatis nganggo beundeulan
   rilisan anu ayeuna. Ieu…
 * [Read Post](https://su.wordpress.org/2009/06/12/wordpress-28/)
 * 
   ## 󠀁[Pamaluruhan Diréktori Plugin nu Mingkin Hadé](https://su.wordpress.org/2009/02/19/pamaluruhan-direktori-plugin-nu-mingkin-hade/)󠁿
   
 * Pébruari 19, 2009
 * Mdawafe, tanggal 19 Pebruari ieu, geus nguarkeun di blog WordPress.org ngeunaan
   pamaluruhan Diréktori Plugin nu anyar jeung ngaronjat. Salahsahiji pasualan tumali
   jeung pamaluruhan diréktori plugin nyaéta ngeunaan hasil pamaluruhanna nu kurang
   nyugemakeun atawa, ceuk basa nu nulis blog mah, pikagetireun jeung pikasebeleun.
   Tapi, kiwari mah ieu hal téh henteu tumiba deui.
 * [Read Post](https://su.wordpress.org/2009/02/19/pamaluruhan-direktori-plugin-nu-mingkin-hade/)
 * 
   ## 󠀁[WordPress 2.7.1](https://su.wordpress.org/2009/02/12/wordpress-271/)󠁿
   
 * Pébruari 12, 2009
 * WordPress 2.7.1, minangka rilisan pamulasaraan munggaran WordPress versi 2.7,
   parantos sayogi. Anjeun tiasa ngiwarikeun instalan WordPress anjeun sacara otomatis
   ngalangkungan pidangan Pakakas > Ronjatkeun dina kaca admin, atanapi unjal langsung
   epakanana lajeng instalkeun sacara manual. Kanggo ningal naon waé anu parantos
   dilereskeun dina ieu vérsi, tiasa diparios dina daptaran list of fixed tickets,
   seueurna aya…
 * [Read Post](https://su.wordpress.org/2009/02/12/wordpress-271/)
 * 
   ## 󠀁[Ngararancang WordPress Maké Aksara Sunda](https://su.wordpress.org/2008/12/11/ngararancang-wordpress-make-aksara-sunda/)󠁿
   
 * Désémber 11, 2008
 * Bulan Juni 2005, Informasi ngeunaan aksara Sunda baku diuarkeun di milis KUSnét(
   Komunitas Urang Sunda di Internét). Kang Dian Tresna Nugraha ngawanohkeun fonta
   aksara Sunda maké sét karakter ISO-8859-1 Latin-1. Bulan Juli 2005, fonta aksara
   Sunda dipidangkeun dina Konférénsi Basa Sunda VIII di Subang, Jawa Barat, ku 
   M. Sasmita. Bulan Januari 2006, Kang Dian ngayakeun…
 * [Read Post](https://su.wordpress.org/2008/12/11/ngararancang-wordpress-make-aksara-sunda/)

1 [2](https://su.wordpress.org/news/page/2/?output_format=md)

 [Older Posts](https://su.wordpress.org/news/page/2/?output_format=md)