Ngaronjatkeun Instalan WordPress

Nu dimaksud ngaronjatkeun instalan WordPress dina ieu catetan nyaéta ngiwarikeun WordPress nu diinstalkeun ku anjeun tina pérsi heubeul kana pérsi nu leuwih anyar. Carana bisa ku manual atawa otomatis. Ronjatan otomatis ukur tumerap kana WordPress pérsi 2.7 jeung saluhureuna, atawa pérsi saméméhna asal maké bantuan plugin nu tangtu. Ieu catetan di luar prak-prakan ngiwarikeun WordPress ngaliwatan raramat subpérsi.

Ngaronjatkeun Manual

Saméméh anjeun prak ngaronjatkeun WordPress sacara manual, sawatara pagawéan ancang-ancang perlu dilakukeun ku anjeun:

  • Békap atawa salin heula instalan WordPress anjeun boh bisi dina prosés ronjatan tinemu kagagalan. (Mun ngarasa perlu, salin inpormasi databés anjeun nu aya di jero berkas wp-config.php pikeun jaga-jaga bisi aya nanaon tur anjeun kapohoan, bisi dina prakna ku anjeun kapupus kalawan teu sadar.)
  • Tegeskeun yén sandiasma databés nu didaptarkeun ka WordPress mibanda wewenang pikeun nyiptakeun, ngarobah, sarta mupus tabél databés. Mun anjeun nginstalkeun WordPress make cara standar sarta taya parobahan nanaon ti mangsa éta, hartina anjeun aman.
  • Pareuman heula sakur Plugin, lantaran bisa waé plugin nu ku anjeun digunakeun teu kadukung kana pérsi WordPress nu anyar. Anjeun bisa ngahirupan deui plugin-plugina mun ronjatan geus rampung.

Mun anjeun geus tutas tina éta ancang-ancang, kiwari kari prakna anjeun ngaronjatkeun instalan WordPress:

  • Pibanda gémbolan WordPress Sunda rilisan ajeg pangahirna. Bisa dibahékeun heula kana komputer anjeun atawa langsung diundeur tur dibahékeun dina juruladén wéb.
  • Pupus map wp-admin jeung wp-includes katut kabéh eusina dina instalan WordPress nu ku anjeun geus dipibanda.
  • Salin sarta témpélkeun kabéh berkas WordPress anyar kana juruladén wéb, timpahkeun kanu masih aya (kaasup anu dina akar diréktori) iwal meneran map wp-content nu ku anjeun perlu dirumat sacara husus (anjeun bisa ngaliwatkeun heula tur ngabebenahna pandeuri) lantaran lebah dinya tempatna map plugins jeung themes. Kahadé katimpah nu geus diropéa jeung kahadé kapupus nu anyar ngunggahkeun anjeun (nu lain bawana WordPress sacara baku).
  • Bandingkeun eusi berkas wp-config.php (dina instalan WordPress anjeun) jeung eusi berkas wp-config-sample.php (bawa tina WordPress anyar). Mun eusina béda (biasana ti pérsi heubeul ka pérsi anyar sok aya tambahan catetan, kawas tina pérsi 2.3 kana 2.5 aya tambahan pariabel SECRET_KEY), anjeun bisa nambahkeun catetan anyarna (tina wp-sample-config.php kana wp-config.php) atawa ngeusian deui inpormasi databés anjeun dina wp-config-sample.php tur ngarobah ngarana jadi wp-config.php. Éta mah kuma anjeun. Teu dirobah ogé moal matak bisulan ieuh.
  • Longok kaca admin WordPress anjeun saperti biasana (http://”situskuring.com”/wp-admin). Anjeun mungkin dipénta asup log deui. Mun ceuk Ki WordPress ronjatan databés diperlukeun, anjeun baris sacara otomatis dialihkeun ka alamat kawas http://”situskuring.com”/wp-admin/upgrade.php. Kari tuturkeun baé paréntah Ki WordPress satuluyna geusan ngiwarikeun databés sangkan bisa parok jeung kodé nu anyar.

Mun anjeun ngahirupan cache sarta meresihana sanggeus ieu prosés, parobahan WordPress anjeun bisa langsung katangen. Tapi ulah anéh mun lantaran cachena teu diberesihan, nomer pérsi dina soko kaca admin WordPress anjeun teu robah sok padahal ronjatana geus hasil.

Ngaronjatkeun Otomatis

Iwal ti ngagunakeun Plugin nu tangtu, instalan WordPress anjeun bisa dironjatkeun sacara otomatis mun pérsi WordPress nu ku anjeun digunakeun mangrupa pérsi 2.7 ka luhur. Pikeun ngalakukeuna, anjeun kari muka pidangan Pakakas -> Kiwarikeun, nu nyampak dina pidangan beulah kénca kaca admin WordPress anjeun.

Mun éta ronjatan memang diperlukeun, dina harti aya pérsi anyar tinimbang nu ku anjeun digunakeun, Ki WordPress baris sacara otomatis ngabéjaan, “Aya pérsi anyar WordPress nu sadia pikeun ronjatan”. Sahandapeun éta uaran, aya catetan ngeunaan pérsi WordPress nu ku anjeun keur digunakeun sarta kana pérsi mana anjeun bisa ngaronjatkeun. Ieu catetan dituturkeun ku dua tombol pilihan: “Ronjatkeun Otomatis” jeung “Undeur”. Mun anjeun rék ngaronjatkeun sacara otomatis, tangtu anjeun kudu mencét tombol “Ronjatkeun Otomatis” laju tuturkeun paréntah Ki WordPress satuluyna.