Catetan WordPress Sunda

Sakur dokumén WordPress nu ditulis maké basa Inggris bisa anjeun panggihan di Kodék WordPress. Di dinya ogé anjeun bisa manggihan sawatara panumbu kana kodék-kodék nu ditulis dina basa séjéna. Di handap ieu minangka saeutik catetan ngeunaan WordPress Sunda.

Mun anjeun perlu pitulung tumali jeung instalasi sarta pamakéan WordPress, anjeun bisa ngahubungan pangrumat ieu situs atawa nepungan lawungan rojongan WordPress Indonesia mun anjeun taya maksud nepungan Rojongan WordPress. Husus ngeunaan pamekaran WordPress Sunda bisa anjeun ungkab catetana dina blog ieu situs.