WordPress 2.7 Beta 2

WordPress 2.7 Beta 2 sadia. Mangga undeur pérsi lokal Sunda. Mun anjeun geus mibanda instalan beta 1, anjeun bisa ngaronjatkeun sacara otomatis ngaliwatan pidangan Pakakas -> Kiwarikeun. Pon kitu, lantaran ayana bug dina ronjatan otomatis Beta 1 anu teu pamohalan bisa ngalantarankeun kagagalan dina éta ronjatan otomatis, aya hadéna anjeun ngundeur sarta nginstalkeuna sacara manual. Pikeun mikanyaho naon baé anu geus dibenerkeun dina ieu beta 2, anjeun bisa maca catetana di blog WordPress.org.

WordPress 2.7 Beta 1

Pérsi teu ajeg (beta) munggaran WordPress 2.7 geus dirilis tanggal 1 Nopémber ieu. Pon kitu, keur saheulaanan kuring mah teu waka medalkeun. Mun anjeun boga maksud milu aub ngetés ieu pérsi, babarengan jeung ratusan urang liana nu geus leuwih ti heula, anjeun bisa ngundeur langsung ti situs WordPress.org.

Sakumaha nu diuarkeun di blog WordPress.org, pérsi 2.7 minton dina tampilan pisual anyar. Éta disain téh satemena mah méh sampurna, tapi dina ieu pérsi Beta 1 aya sababaraha bagian nu tacan réngsé. Di sagigireun éta, ogé masih kénéh aya sawatara kateuajegan dina panyaba internét nu tangtu. Keur saayeunaeun, Beta 1 bisa jalan kalawan lungsur-langsar dina panyaba Firefox jeung Safari. Tapi teu kudu salempang, kiwari ieu pérsi téh keur dibebenah sangkan bisa lumaju alus dina panyaba IE lan Opera.

Ngeunaan rilisan ahirna, pérsi ajeg 2.7 kawasna moal bisa sadia dina 10 Nopémber ieu, sakumaha anu geus dijadwalkeun saméméhna. Putusan ieu dicokot lantaran aya sawatara hal nu masih kénéh perlu dibebenah. Utamana ngeunaan pintonan pisualna, di sagédéngeun méré tambahan lolongkrang ka singsaha waé geusan milu aub ngetés ieu pérsi. Pon kitu, pérsi-pérsi teu ajegna mah bisa baé dirilis deui jeung deui. Ancang-ancang, pérsi ajegna baris dipedalkeun ahir Nopember-an kalawan tanggal nu baris dicindekeun engké.

Lantaran kuring teu nyadiakeun pérsi lokal, mun anjeun boga maksud milu ngetés ieu pérsi 2.7 Beta 1 maké basa Sunda, anjeun bisa ngundeur gémbolana ti WordPress.org. Salin map languages katut kabéh eusina tina pérsi lokal saméméhna ka jero map wp-content. Satuluyna, asupan kodé basa Sunda (su_ID) dina jajaran 65 berkas config.php: define ('WPLANG', 'su_ID'); (Catetan: dina ieu pérsi, eusi berkas wp-config-sample.php rada béda jeung pérsi saméméhna, sok sanajan galeuhna mah sarua).

WordPress 2.6.3

Ayana hiji kahéhéngkeran di pustaka Snoopy geus diuarkeun poé ieu. WordPress ngagunakeun Snoopy pikeun ngocorkeun pancingan nu dipintonkeun dina Dasbod. Sok sanajan risiko ieu kahéngkéran teu pati sabaraha pikeun pamaké WordPress, tapi kuring ngarasa perlu pikeun gura-giru nyieun kiwarian. Pérsi 2.6.3 kiwari geus bisa diundeur. Mun anjeun teu mibanda niat ngundeur kabéh rilisana pikeun kaamanan, anjeun bisa ngundeur dua berkas di handap ieu sarta diilukeun kana instalasi pérsi 2.6.2.