WordPress 2.8

“WordPress 2.8 parantos sayogi! Sumangga kiwarikeun ayeuna.” Upami Sadérék nangenan éta pesen singget di luhur kaca admin WordPress Sadérék, sok padahal Sadérék parantos ngaronjatkeun kalayan otomatis tina vérsi sateuacanna, hartosna Sadérék ngaronjatkeunnana sasarengan reujeung waktosna rilisan awal ieu vérsi. Éta pesen baris ilang saupami Sadérék ngaronjatkeun ulang sacara otomatis nganggo beundeulan rilisan anu ayeuna. Ieu vérsi lokal mémang ngahaja dibeundeul deui lantaran aya sakedik kahéngkéran dina sistem raramat lokal.

Naon anu énggal dina WordPress 2.8? Nu utamina mah nyaéta ronjatan dina mesinna anu kiwari mah langkung gancang; aya parobihan dina styling sareng scriptingna, disagédéngeun kamekaran dina téma sareng wijét. Ngalangkungan WordPress 2.8, kiwari mah téma-téma di Diréktori Téma WordPress.org téh tiasa langsung disungsi, dipaluruh, tur diinstalkeun kalayan otomatis tina kaca admin WordPress Sadérék, teu benten sareng plugin sapertos anu parantos dirarancang dina vérsi 2.7. Kalihna ti éta, ieu vérsi ogé ngadamel parobihan dina widang admin wijét anu langkung fléksibel tur ngagampilkeun.

Kanggo langkung jéntréna ngeunaan sakumna rarangkén, parobihan, kalih ronjatan-ronjatan énggal dina ieu vérsi tiasa diuningaan di kodék WordPress.org.

WordPress 2.8 dinamian “Baker” minangka pangajen sareng pangemut-ngemut kanggo vokalis Chet Baker. Sanggem Matt téa mah, ieu téh mangrupi “the latest and greatest version of WordPress”.

1 thoughts on “WordPress 2.8

Komén ditutup.