WordPress 2.7 “Coltrane”

Pamustunganana, WordPress Vérsi 2.7 nu dianti-anti ti kamari didago-dago ti bareto tur geus jadi bahan paguneman balaréa, kocap jadi sabiwir hiji méh di unggal lelewek jeung wewengkon tempat-tempat jarah di dunya loka, nu nembrak atawa nu nyumput, kiwari geus bisa anjeun unjal. Gémbolan basa Inggrisna dirilis leuwih ti heula tur ti dieu tempat anjeun ngunjal gémbolana dina basa Sunda. Ngaran “Coltrane” minangka pangajén kuring saréréa pikeun John Coltrane.

Sakumaha nu geus ditepikeun, bédana ieu vérsi jeung vérsi-vérsi WordPress saméméhna pangpangna nyaéta dina pintonan visualna di sagigireun, tangtuna ogé, kamampuhna nu mingkin ngaronjat. Pulas bulao jeung endog asin nu mapaésan vérsi 2.6 kasilih ku pulas pérak jeung kulawu sarta tombol-tombol biru hérang maké papaés gurat-gurat ngawengku. Atra geulisna, karasa éndahna. Matak betah keur ngancikan, nambah pogot keur ngulinan.

Kabéh pidangan nembrak di sisi beulah kénca dina wangun kekeclak kalawan papaés ikon-ikon camperenik. Dalah ti kitu, kaca Dasbor-na ogé bisa diulinkeun kuma karesep. Sakur kotakan nu disampakkeun dina kaca Dasbor bisa dipundah-pindahkeun tempatna kuma kahayang. “Pedal Pintes” nu mangrupa kotakan paranti nyieun tulisan anyar di sisi katuhu, bisa dipintonsumputkeun ngaliwatan tombol pidangan “Pilihan Layar” nu disampakkeun beulah luhur. Pon kitu deui sakur kotakan nu séjén anu sacara baku geus diancokeun, sakumaha nu biasa katangen dina vérsi 2.6, tangka ieu kaca Dasbor téh bisa bodas nyacas taya nanaon. Pitulung ngeunanaan cara makéna WordPress tumali jeung kaca-kaca admin nu tangtu dituduhkeun maké panumbu-panumbu pitulung dina pidangan beulah luhur, lianti dina tempat-tempat husus séjén saperti sasari.

Kiwari waktuna keur anjeun ngagunakeun WordPress 2.7 dina basa Sunda. Mangga unjal ayeuna.

Kantunkeun Balesan