Ngararancang WordPress Maké Aksara Sunda

Bulan Juni 2005, Informasi ngeunaan aksara Sunda baku diuarkeun di milis KUSnét (Komunitas Urang Sunda di Internét). Kang Dian Tresna Nugraha ngawanohkeun fonta aksara Sunda maké sét karakter ISO-8859-1 Latin-1. Bulan Juli 2005, fonta aksara Sunda dipidangkeun dina Konférénsi Basa Sunda VIII di Subang, Jawa Barat, ku M. Sasmita. Bulan Januari 2006, Kang Dian ngayakeun koréspondénsi jeung M. Everson, salah saurang anggota Konsorsium Unicode. Bulan Juni 2006, M. Everson ngasupkeun proposal slot aksara Sunda ka Unicode. Bulan Agustus 2007, aksara Sunda napak dina tahap VI standardisasi Unicode sarta asup naskah publikasi ISO/UTC dina taun 2008. Bulan April 2008, aksara Sunda resmi asup Unicode anu range-na nyaéta U+1B80 – U+1BBF.

Bulan Méi 2008, diayakeun seminar Standardisasi Aksara Sunda pikeun Unicode di Universitas Padjadjaran anu ngahasilkeun sawatara rékoméndasi tumali jeung pamakéan aksara Sunda, kaasup ngabebenah aksara Sunda anu geus kadaptar di Unicode. Bulan Oktober 2008, Unicode Aksara Sunda digerlarkeun di Bandung, kalawan dieusi ku gelaring buku Direktori Aksara Sunda untuk Unicode, gelaring fonta jeung aplikasi aksara Sunda, sarta papasrahan dokumén Unicode ti Konsorsium Unicode ka pamaréntah provinsi Jawa Barat.

Dumasar éta kasangtukang, ku geus resmina aksara Sunda asup Unicode, kiwari mah aksara Sunda téh geus bisa dilarapkeun kalawan sampurna dina sistem komputer jeung raramatloka. Reregedna moal pati gedé, béda jeung saacana asup ka Unicode, lantaran ari Unicode mah mangrupa hiji standar anu diaku sacara internasional. Ku ayana Unicode, sistem komputer jeung industri anu sabangsana bisa digawé kalawan silih hubung dina hal nuliskeun aksara tanpa kudu kahalangan ku pédah rupa-rupana wanda sistem oprasi atawa aplikasi komputer. Naon baé platforma, program, sarta basa nu digunakeun ku hiji komputer, baris bisa kacumponan ku ayana ieu Unicode. Tangtuna sanggeus éta sistemna karojong ku versi Unicodé nu dipaké.

WordPress, nu mangrupa Open Source piranti ngeblog dina raramatloka, kaasup salahsahiji platforma anu bisa nyumponan aksara Sunda geusan dipaké dina sistemna. WordPress téh memang fléksibel; bisa diuma-omé tur diluyukeun kuma karesep pamakéna. Najan Standar Unicode vérsi kiwari (5.1) can tangtu kadukung ku sakabéh panyaba internét nu ayeuna loba dipaké, Dadan Nasrullah mah geus lah-lahan nyoba-nyoba ngalarapkeun Unicode aksara Sunda, najan bari nungtutan, dina situsna minangka tarékah ancang-ancangna geusan ngadeudeulkeun aksara Sunda dina raramatloka anu digenerasi ku WordPress.

Mun anjeun pamaké WordPress.org nu kataji ku ieu hal, itung-itung ngagunakeun waktu dina mangsa nungguan pausahaan-pausahaan komputer nyumponkeun ieu vérsi Unicode, hadé pisan mun dimimitian heula ku mikawanoh naon sarta kumaha satemena ari Unicode aksara Sunda téh. Sumangga jugjugan baé ieu panumbu ramatloka. Sawatara aplikasi nu geus diciptakeun tumali pamakéan aksara Sunda dina komputer bisa anjeun unjal tina éta raramatloka.

Tulisan Kang Dadan Sutisna, salahsaurang anggota Tim Unikode Aksara Sunda, bisa dipaké cecekelan munggaran pikeun anjeun. Mun anjeun pamaké komputer nu resep uprak-oprék dina sistem Unix, tulisan Kang Jay dina basa Indonésia, Sundanese Phonetic Input Method, bisa dijadikeun référénsi penting. Kang Jay ku anjeun maparin pituduh awal dina cara maca jeung nulis aksara Sunda, hususna pikeun anu tacan mikawanohna.

Tug tepika tulisan ieu dipedalkeun, WordPress Sunda mémang masih ngagunakeun aksara Latén. Aya kamungkinan keur ka hareupna mah WordPress.org téh ngarilis dua vérsi lokal basa Sunda; maké aksara Latén jeung maké aksara Sunda. Aksara Latén tangtuna moal dileungitkeun, sabab ieu geus jadi salahsahiji pakakas urang Sunda dina ngeblog, lianti ngagunakeun aksara Pégon (Arab) atawa malah Cacarakan anu mangrupa vérsi ropéaan tina Carakan, aksara Jawa.

Sok sanajan kiwari WordPress Sunda henteu ngagunakeun aksara Sunda, tapi lantaran fléksibilitasna téa, anu lokalisasina sorangan ngagunakeun téhnologi GETTEXED, anjeun ogé mibanda lolongkrang gedé geusan ngaganti aksara tarjamahanna anu dina unggal rilisana ogé berkasna sok diilukeun dina map wp-content/languages sajeroeun gémbolanana.

Anjeun perlu fonta Unicode aksara Sunda ayeuna-ayeuna pikeun maca tulisan di WordPress? Mangga tepungan panumbu-panumbu di luhur!

11 thoughts on “Ngararancang WordPress Maké Aksara Sunda

  1. Sampurasun,
    Aeh-aeh kakara kaguar, geuning di WordPress teh aya situs basa Sunda, basa karuhun urang anu meh-mehan kadeseh ku basa Indonesia oge ku basa sejenna. Nuhun atuh WordPress, keun emang ge ari salse pasti ulubiung. Ieu mah mung sasakadar nepangkeun we tilam sono ti Emang.

  2. Assalamu’alaikum wr. wb.
    Punten kulan. Bingah pisan ningal seratan nganggo basa karuhun Sunda, komo deui eta aksara Sunda bade dianggo aksara resmi dina upami nganggo komputer engkena, euleuh bingah pisan tiasa kaaku teu kakantun ku kamajengan teknologi informasi kiwari.
    Sedih aya upami emut gaduh anak opat, incu tos dua tapi hiji oge teu aya anu tiasa nyarios Sunda sanaos ari ngartos mah tiasa mung eta ironis na teh ari indung bapana teh urang Sunda kalebet indung bapa kalih mitoha pribados oge Sunda sareng Batawi. Komo deui upami diemut ayeuna nganjrek oge di Bogor anu Pasundan keneh, namung aya untungna ayeuna teh pribados mah unggal sasih sok ka Suryalaya Pager Ageung Tasikmalaya ngiring pangaosan sasihan nu di sebat manakib. Asa nimat pisan kumargi pangaosanana oge nganggo basa Sunda sanaos nu sarumping seueur ti luar Pasundan sareng luar nagari sapertos Malaysia, Singapur. Malihan aya kiyai urang Singapur mah kantos nangis ngadangu pangaosan basa Sunda teh saurna kahartos sareng karaos.
    Sakitu wae kabingah pribados kanggo sawatawis, insya Alloh kapayun dongkap deui sanaos isin upami maos eta seratan2 mani sarae keneh basa Sundana jadi isin upami ngiring nyerat nganggo basa anu tos harilap tea, hapunten wae anu kasuhun ka sadayana. Wilujeng.
    Wassalamu’alaikum wr. wb.

  3. ieu Wp.org nganggo Basa Sunda, mani geulis pisan nya.. atuh abdi jadina hoyong nyobian nganggo nu Wp oge… lantaran ti baheula nga-blogspot wae, urang rada gaptek jeung tool-tool-na WP… kumaya nya???

  4. aduh meni asa di kampung pasawahan ngaggo bahasa sunda komo upami bari ngahaleuang di sawah waas pisan bari ningaliken anu eker ngawuluku…hehe

Kantunkeun Balesan