Bakal Rilisan Munggaran WordPress 2.7

Bakal rilisan WordPress 2.7 maké basa Sunda bisa anjeun undeur. Mun anjeun kungsi ngagunakeun pérsi Beta, anjeun bisa ngaronjatkeun sacara otomatis tina pidangan pakakas dina kaca admin anjeun. Pon kitu, lantaran tacan dibéré kamampuh kana pérsi lokal, ronjatan otomatis baris ngagunakeun basa Inggris. Téma bakuna ogé bisa kalindih ku nu anyar, nu maké basa Inggris. Anjeun bisa ngilukeun atawa ngaganti berkas tarjamahana tina diréktori tangkal dina goah raramat subpérsi lokal WordPress basa Sunda, nu mangrupa ropéaan pangahirna. Kamampuh ronjatan otomatis WordPress lokal bisa digunakeun sanggeus pérsi ajeg 2.7 nu baris tumerap kana sakur basa nu mibanda situs lokal WordPress.org.

Saméméh WordPress 2.7 pérsi ajeg sarta sanggeus tilu pérsi Beta dirilis tur ditumbu ku ieu pérsi RC, kamari ieu geus dipiheulaan ku dirilisna pérsi ajeg 2.6.5. Éta pérsi téh minangka ropéaan tuluyan tina pérsi 2.6.3 bari ngaliwatkeun 2.6.4 anu mémang moal kungsi aya. Hama nu kapanggih tur dibebenah pangpangna ngeunaan éksploitasi XSS nu népaan juruladén virtual dumasar IP dina Apache 2x di sagigireun tilu kasakit leutik séjéna. Anjeun ogé bisa ngundeur gémbolan éta pérsi atawa saukur ngilukeun berkas feed.php sarta version.php dina map wp-includes kana pérsi 2.6.3 nu dipibanda.

1 thoughts on “Bakal Rilisan Munggaran WordPress 2.7

Kantunkeun Balesan