Basa Sunda di WordPress.com

Sanggeus WordPress.org Sunda midang ti mimiti sawatara bulan ka tukang, kiwari disusul ku dikiwarikeuna basa Sunda di WordPress.com. Najan kaitung leuir kacida, hal ieu jadi kareueus pikeun urang Sunda nu resep ngeblog di WordPress.com. Basa Sunda kaasup basa Daerah nu hirup di Indonesia nu pangmunggaran sadia di WordPress sanggeus aya nu kungsi ngalokalkeun WordPress.org kana basa Nias.

Ti béh ditu kénéh, WordPress.com mémang geus nyadiakeun kaca husus pikeun tempat narjamahkeun atawa ngalokalkeun pirantilemes nu dipakéna kana rupa-rupa basa. Pon kitu, pamaké WordPress.com urang Sunda kawasna kurang kataji, atawa, bisa jadi, maranéhna teu mibanda lolongkrang waktu pikeun ngalakukeuna. Ku alpukahna para pamekar WordPress.org kalawan rangsegan ti WordPress Sunda, basa sunda di WordPress.com ayeuna geus bisa dikiwarikeun, sok sanajan loba kénéh kakurangana di ditu di dieu. Sabab éta, mun anjeun tukang ngeblog di WordPress.com nu mibanda karep mémérés jeung nyampurnakeun basa Sunda nu masih leungit, anjeun bisa nganjogan kaca translate.WordPress.com.

Mun anjeun boga blog di WordPress.com nu eusina loba maké basa Sunda, aya hadéna anjeun nyetélkeunana kana Basa Sunda. Buka kaca “Setting” -> “General”, laju robah setélan Language kana su - basa Sunda. Hadé ogé mun anjeun ngarobah basa nampeubeungeutna nu bisa disetél ngaliwatan pidangan “Profile” atawa ku cara nuturkeun panumbu nu nembrak sahandapeun setélan basa utama blog. Laju, sangkan wangun pananggalan jeung wangun waktu parok jeung kabiasaan nulis urang Sunda, robah kodé pananggalana jadi l, j F Y sarta kodé waktuna jadi H:i.

Sakur blog WordPress.com nu disetélkeun kana basa Sunda baris minton di kaca hareup su.WordPress.com. Ieu kaca ogé bisa jadi tempat anjeun noongan tulisan-tulisan ti sabudeureun tukang ngeblog urang Sunda atawa jadi lawang anjeun mangsa arék asup ka WordPress.com. Kauntungan séjéna, mun tulisan anjeun alus, dina harti loba nu muka, baris kailukeun kana tulisan pinunjul di sakuliah WordPress.com minangka wawakil ti pamaké urang Sunda. Tangtu béda saupama blog anjeun disetélan basa séjén nu pamakéna leuwih loba.

WordPress.org jeung WordPress.com maké aksara Sunda? Yu urang rarancang ku saréréa!

1 thoughts on “Basa Sunda di WordPress.com

Komén ditutup.