WordPress 2.7 Beta 3

Aya maksud ngetés WordPress 2.7 Beta 3 pérsi lokal Sunda? Mangga undeur ayeuna. Sakumaha biasa, mun anjeun geus mibanda pérsi 2.7 beta saméméhna, anjeun bisa langsung ngaronjatkeun kana ieu pérsi tina pidangan Pakakas -> Kiwarikeun, laju tuturkeun paréntah Ki WordPress satuluyna.

Sakalian ngalalanyahan WordPress 2.7 pérsi ajegna, anjeun bisa milu mariksa tarjamahan ieu pérsi. Mun sakirana aya nu perlu dibebenah, anjeun bisa langsung méré laporan ka kuring. Catetan anjeun bisa ditunda di situs pribadi pangrumat WordPress Sunda atawa ditepikeun ka Lawungan Rojongan. Sakur laporan nu katarima baris jadi bahan tinimbangan keur mérésan pérsi ajegna engké.

Mun anjeun hayang mikanyaho naon baé nu geus dibebenah dina ieu pérsi, anjeun bisa muka catetana di blog pamekaran WordPress.org. Anjeun nimu bug? Mangga laporkeun!