Tatasarat Juruladén pikeun Ngahosta WordPress
Kalolobaan panyadia hosta sarta instalan pribadi dina sistem Unik/Linux lumrahna bisa ngaladénan hostaan WordPress dina konpigurasi paling umum. Sangkan bisa ngajalankeun WordPress, hosta anjeun kudu tinemu tatasarat juruladén ieu:
Pikeun WordPress Pérsi 2.5 ka luhur
- PHP pérsi 4.3 atawa saluhureuna
- MySQL pérsi 4.0 atawa saluhureuna
- Modul mod_rewrite Apache (pilihan)
Pikeun WordPress Pérsi 2.1, 2.2, 2.3
- PHP pérsi 4.2 atawa saluhureuna
- MySQL pérsi 4.0 atawa saluhureuna
- Modul mod_rewrite Apache (pilihan)
Pikeun WordPress Pérsi 2.0
- PHP pérsi 4.2 atawa saluhureuna
- MySQL pérsi 2.23.23 atawa saluhureuna
- Modul mod_rewrite Apache (pilihan)
Kuring ngarékomendasikeun Apache atawa Litespeed minangka juruladén pangjagjagna tur mibanda pitur sampurna pikeun ngajalankeun WordPress. Pon kitu, sakur juruladén nu ngadukung PHP sarta MySQL tangtuna bisa dipaké pikeun ngaladénan WordPress. Sacara husus, WordPress.org méré rékoméndasi hosta wéb anu geus tinemu tatasarat pikeun ngaladénan WordPress anu bisa anjeun ilo di situsna, atawa anjeun ogé bisa tunyu-tanya ka lawungan rojongan WordPress basa Indonésia.