WordPress, Pinunjul Kahiji Overall Best Open Source CMS

Kacida matak reueusna, taun 2009 ieu WordPress meunang pangajén kahiji dina widang Overall Best Open Source CMS ti Open Source CMS Award. Lain panghargaan samanéa! Open Source CMS Award anu maneuh diayakeun unggal taun, kiwari narima leuwih ti 12.000 nominasi tur diiluan ku leuwih ti 23.000 pangajén (pamilon sora).

Simkuring bagja geusan nguarkeun wiréh WordPress parantos ngaraéh Overall Best Open Source CMS Award dina kontés Open Source CMS Award taun 2009. WordPress ngaraéh ieu panghargaan pikeun munggaran kalina salebet opat warsih katompérnakeun, kalayan nempatkeun inyana dina widang Hall of Fame kanggo panghargaan taun payun.

Pikeun WordPress, ieu pangajén téh mangrupa anu mimiti. Tangtuna jadi hiji kareueus pikeun para pamekar jeung pamaké mah. Ieu ogé geus ngébréhkeun ayana parobahan kamandang ti masarakat; tétéla WordPress téh henteu saukur dianggap mangrupa piranti lemes ngablog, tapi ogé mangrupa hiji Open Source winangun Content Management System anu sampurna (full-featured CMS).

Lianti ngaraéh pangajén kahiji widang Overall Best Open Source CMS, WordPress ogé meunang panghargaan kadua dina widang Best Open Source PHP CMS sanggeus Drupal tur saméméh Joomla!. Hal ieu tangtu kacida géde hartina jeung matak reueus naker binti kacida pisan, lantaran taun kamari mah WordPress téh teu kaasup kana lima besar-lima besar acan. Anapon ayeuna, WordPress ujug-ujug nérékél bari sakaligus bisa ngadéséh Joomla! anu dina taun-taun katompérnakeun Joomla! téh salawasna nagen dina posisi tilu besar di sagédéngeun Drupal, tangtuna.

“Sakumna anggota komutitas WordPress, ti kawit girang pamekar tug dugi ka para panganggo munggaran, sawadina ngaraos reueus janten bagian tina ieu moméntum: wilujeng kanggo urang sadayana!”

5 thoughts on “WordPress, Pinunjul Kahiji Overall Best Open Source CMS

  1. Sumuhun kang, reueus pisan ngadangu WordPress ngengingkeun éta panghargaan. mugi sing saterasna, kalawan disarengan ku teras ningkatna kualitas WP 😀

Kantunkeun Balesan