Pamaluruhan Diréktori Plugin nu Mingkin Hadé

Mdawafe, tanggal 19 Pebruari ieu, geus nguarkeun di blog WordPress.org ngeunaan pamaluruhan Diréktori Plugin nu anyar jeung ngaronjat. Salahsahiji pasualan tumali jeung pamaluruhan diréktori plugin nyaéta ngeunaan hasil pamaluruhanna nu kurang nyugemakeun atawa, ceuk basa nu nulis blog mah, pikagetireun jeung pikasebeleun. Tapi, kiwari mah ieu hal téh henteu tumiba deui.

Kiwari WordPress geus ngagunakeun Sphinx, salahsahiji mesin pamaluruh SQL full-text winangun free open-source, pikeun ngundeur hasil pamaluruhan plugin boh di Diréktori Plugin boh dina kaca admin anjeun ngaliwatan pidangan Plugin => Tambahan. Danget ieu, pamaluruhan ngaindéksu ngaran plugin jeung pertélaan/instalasi/FAQ/jsb. tina berkas readmi.txt-na tur baris diindéksu ogé ngaran panulisna katut tag-tagna.

Plugin-plugin di Diréktori Plugin téh mémang kacida ceuyahna. Kiwari baé geus leuwih ti 4.000 nu sadia tur dipelakkeun kana instalasi WordPress vérsi 2.7 jeung saluhureunna. Unggal pamaké WordPress, rata-rata masangkeun plugin dina situsna téh tepi ka lima-na. Tangtu pangajén gedé pikeun singsaha waé anu resep jeung leukeun nulisan katut ngiwarikeun plugin-plugin, lantaran geus kacida ngabantuna pikeun para pamaké WordPress.

Sawatara waktu ka tukang, tanggal 28 Januari geus diproklamirkeun ku Matt, salaku girang utama pamekar WordPress.org, mangrupa “Poé Pangnuhun pikeun Pamekar Plugin”. Itung-itung pangajén ti para pamaké, kacida hadéna saupama urang nepungan para panulis plugin sakalian bari silaturrahim ucap balaka geusan ngahaturkeun laksaketik pangnuhun ka aranjeunna. Atawa, anu leuwih alus mah, ilikan alamat Paypal-na laju gura-giru méré donasi! 🙂

Ku dipelakkeunna plugin kana kaca admin situs dina WordPress vérsi 2.7 ka luhur, dihenteu-henteu ogé geus ngabantu leuwih atawa nggampangkeun para pamaké dina meunangkeun tur nginstalkeun plugin nu mangpaat jeung dipikaresep. Pamaluruhan maké térma-térma nu tangtu, sakalian jeung nginstalkeunnana, bisa langsung dilakukeun tina pidangan Plugin => Tambahan. Hal sarupa ogé baris tumerap kana Diréktori Téma anu, nurutkeun basa Sunda wewengkon pakaléran téa mah, engkin mah bisa dipaluruh tur diinstal langsung tina pidangan Téma => Tambahan.

WordPress, teu aya kendatna ngaronjat!

1 thoughts on “Pamaluruhan Diréktori Plugin nu Mingkin Hadé

  1. Sampurasun,
    Alhamdulillah, bingah amarwatasuta nitenan blog basa nu dipikadeudeuh sareng sipikareueus, taya sanes BASA SUNDA ieu. Mangga ah urang teraskeun heula kawidang nu sanesna. Hatur Nuhun WordPress. Cag.

Kantunkeun Balesan