Ngararancang WordPress Maké Aksara Sunda

Bulan Juni 2005, Informasi ngeunaan aksara Sunda baku diuarkeun di milis KUSnét (Komunitas Urang Sunda di Internét). Kang Dian Tresna Nugraha ngawanohkeun fonta aksara Sunda maké sét karakter ISO-8859-1 Latin-1. Bulan Juli 2005, fonta aksara Sunda dipidangkeun dina Konférénsi Basa Sunda VIII di Subang, Jawa Barat, ku M. Sasmita. Bulan Januari 2006, Kang Dian ngayakeun koréspondénsi jeung M. Everson, salah saurang anggota Konsorsium Unicode. Bulan Juni 2006, M. Everson ngasupkeun proposal slot aksara Sunda ka Unicode. Bulan Agustus 2007, aksara Sunda napak dina tahap VI standardisasi Unicode sarta asup naskah publikasi ISO/UTC dina taun 2008. Bulan April 2008, aksara Sunda resmi asup Unicode anu range-na nyaéta U+1B80 – U+1BBF. Continue reading “Ngararancang WordPress Maké Aksara Sunda”

WordPress 2.7 “Coltrane”

Pamustunganana, WordPress Vérsi 2.7 nu dianti-anti ti kamari didago-dago ti bareto tur geus jadi bahan paguneman balaréa, kocap jadi sabiwir hiji méh di unggal lelewek jeung wewengkon tempat-tempat jarah di dunya loka, nu nembrak atawa nu nyumput, kiwari geus bisa anjeun unjal. Gémbolan basa Inggrisna dirilis leuwih ti heula tur ti dieu tempat anjeun ngunjal gémbolana dina basa Sunda. Ngaran “Coltrane” minangka pangajén kuring saréréa pikeun John Coltrane. Continue reading “WordPress 2.7 “Coltrane””

Bakal Rilisan Munggaran WordPress 2.7

Bakal rilisan WordPress 2.7 maké basa Sunda bisa anjeun undeur. Mun anjeun kungsi ngagunakeun pérsi Beta, anjeun bisa ngaronjatkeun sacara otomatis tina pidangan pakakas dina kaca admin anjeun. Pon kitu, lantaran tacan dibéré kamampuh kana pérsi lokal, ronjatan otomatis baris ngagunakeun basa Inggris. Téma bakuna ogé bisa kalindih ku nu anyar, nu maké basa Inggris. Anjeun bisa ngilukeun atawa ngaganti berkas tarjamahana tina diréktori tangkal dina goah raramat subpérsi lokal WordPress basa Sunda, nu mangrupa ropéaan pangahirna. Kamampuh ronjatan otomatis WordPress lokal bisa digunakeun sanggeus pérsi ajeg 2.7 nu baris tumerap kana sakur basa nu mibanda situs lokal WordPress.org.

Saméméh WordPress 2.7 pérsi ajeg sarta sanggeus tilu pérsi Beta dirilis tur ditumbu ku ieu pérsi RC, kamari ieu geus dipiheulaan ku dirilisna pérsi ajeg 2.6.5. Éta pérsi téh minangka ropéaan tuluyan tina pérsi 2.6.3 bari ngaliwatkeun 2.6.4 anu mémang moal kungsi aya. Hama nu kapanggih tur dibebenah pangpangna ngeunaan éksploitasi XSS nu népaan juruladén virtual dumasar IP dina Apache 2x di sagigireun tilu kasakit leutik séjéna. Anjeun ogé bisa ngundeur gémbolan éta pérsi atawa saukur ngilukeun berkas feed.php sarta version.php dina map wp-includes kana pérsi 2.6.3 nu dipibanda.