12 Juni 2009
“WordPress 2.8 parantos sayogi! Sumangga kiwarikeun ayeuna.” Upami Sadérék nangenan éta pesen singget di luhur kaca admin WordPress Sadérék, sok padahal Sadérék parantos ngaronjatkeun kalayan otomatis tina vérsi sateuacanna, hartosna Sadérék ngaronjatkeunnana sasarengan reujeung waktosna rilisan awal ieu vérsi. Éta pesen baris ilang saupami Sadérék ngaronjatkeun ulang sacara otomatis nganggo beundeulan rilisan anu ayeuna. Ieu [...]
19 Pébruari 2009
Mdawafe, tanggal 19 Pebruari ieu, geus nguarkeun di blog WordPress.org ngeunaan pamaluruhan Diréktori Plugin nu anyar jeung ngaronjat. Salahsahiji pasualan tumali jeung pamaluruhan diréktori plugin nyaéta ngeunaan hasil pamaluruhanna nu kurang nyugemakeun atawa, ceuk basa nu nulis blog mah, pikagetireun jeung pikasebeleun. Tapi, kiwari mah ieu hal téh henteu tumiba deui.
Kiwari WordPress geus ngagunakeun [...]
12 Pébruari 2009
WordPress 2.7.1, minangka rilisan pamulasaraan munggaran WordPress versi 2.7, parantos sayogi. Anjeun tiasa ngiwarikeun instalan WordPress anjeun sacara otomatis ngalangkungan pidangan Pakakas > Ronjatkeun dina kaca admin, atanapi unjal langsung epakanana lajeng instalkeun sacara manual.
Kanggo ningal naon waé anu parantos dilereskeun dina ieu vérsi, tiasa diparios dina daptaran list of fixed tickets, seueurna aya 68 [...]
11 Désember 2008
Bulan Juni 2005, Informasi ngeunaan aksara Sunda baku diuarkeun di milis KUSnét (Komunitas Urang Sunda di Internét). Kang Dian Tresna Nugraha ngawanohkeun fonta aksara Sunda maké sét karakter ISO-8859-1 Latin-1. Bulan Juli 2005, fonta aksara Sunda dipidangkeun dina Konférénsi Basa Sunda VIII di Subang, Jawa Barat, ku M. Sasmita. Bulan Januari 2006, Kang Dian ngayakeun [...]
11 Désember 2008
Pamustunganana, WordPress Vérsi 2.7 nu dianti-anti ti kamari didago-dago ti bareto tur geus jadi bahan paguneman balaréa, kocap jadi sabiwir hiji méh di unggal lelewek jeung wewengkon tempat-tempat jarah di dunya loka, nu nembrak atawa nu nyumput, kiwari geus bisa anjeun unjal. Gémbolan basa Inggrisna dirilis leuwih ti heula tur ti dieu tempat anjeun ngunjal [...]
1 Désember 2008
Bakal rilisan WordPress 2.7 maké basa Sunda bisa anjeun undeur. Mun anjeun kungsi ngagunakeun pérsi Beta, anjeun bisa ngaronjatkeun sacara otomatis tina pidangan pakakas dina kaca admin anjeun. Pon kitu, lantaran tacan dibéré kamampuh kana pérsi lokal, ronjatan otomatis baris ngagunakeun basa Inggris. Téma bakuna ogé bisa kalindih ku nu anyar, nu maké basa Inggris. [...]
17 Nopémber 2008
Sanggeus WordPress.org Sunda midang ti mimiti sawatara bulan ka tukang, kiwari disusul ku dikiwarikeuna basa Sunda di WordPress.com. Najan kaitung leuir kacida, hal ieu jadi kareueus pikeun urang Sunda nu resep ngeblog di WordPress.com. Basa Sunda kaasup basa Daerah nu hirup di Indonesia nu pangmunggaran sadia di WordPress sanggeus aya nu kungsi ngalokalkeun WordPress.org kana [...]
16 Nopémber 2008
Aya maksud ngetés WordPress 2.7 Beta 3 pérsi lokal Sunda? Mangga undeur ayeuna. Sakumaha biasa, mun anjeun geus mibanda pérsi 2.7 beta saméméhna, anjeun bisa langsung ngaronjatkeun kana ieu pérsi tina pidangan Pakakas -> Kiwarikeun, laju tuturkeun paréntah Ki WordPress satuluyna.
Sakalian ngalalanyahan WordPress 2.7 pérsi ajegna, anjeun bisa milu mariksa tarjamahan ieu pérsi. Mun sakirana [...]
6 Nopémber 2008
WordPress 2.7 Beta 2 sadia. Mangga undeur pérsi lokal Sunda. Mun anjeun geus mibanda instalan beta 1, anjeun bisa ngaronjatkeun sacara otomatis ngaliwatan pidangan Pakakas -> Kiwarikeun. Pon kitu, lantaran ayana bug dina ronjatan otomatis Beta 1 anu teu pamohalan bisa ngalantarankeun kagagalan dina éta ronjatan otomatis, aya hadéna anjeun ngundeur sarta nginstalkeuna sacara manual. [...]
1 Nopémber 2008
Pérsi teu ajeg (beta) munggaran WordPress 2.7 geus dirilis tanggal 1 Nopémber ieu. Pon kitu, keur saheulaanan kuring mah teu waka medalkeun. Mun anjeun boga maksud milu aub ngetés ieu pérsi, babarengan jeung ratusan urang liana nu geus leuwih ti heula, anjeun bisa ngundeur langsung ti situs WordPress.org.
Sakumaha nu diuarkeun di blog WordPress.org, [...]